Jumat, 07 Juni 2013

Kaifiyyah Sholat Hajat versi bahasa sunda
Ari sholat hajat nyaeta sholat pikeun hasil maksud atawa hayang leungit kasusah,kabingung,katugenah.
Ari waktuna iraha wae, beurang atawa peuting, saba’da sholat fardlu atawa samemehna, asal ulah dina lima waktu anu haram tea nyaeta :
1.     Nalika bijil panon poe nepika naek kira-kira sa tumbak
2.     Nalika manceran panon poe dina lian poe jum’at
3.     Nalika bijil layung koneng nepika surup panon poe
4.     Saba’da sholat subuh nepika bijil panon poe
5.     Saba’da sholat ashar nepika surup panon poe
Tapi ari anu pang alus-alusna migawe sholat hajat, nyaeta dina sapertilu peuting ka akhirnakeun sakalian jeung sholat tahajud, utamana sholat tahajud heula jeung du’a na, terus sholat hajat jeung du’ana, ngan teu naon-naon sholat hajat wungkul oge,bari niat dihijikeun jeung sholat tahajud asal geus migawe sholat isya, tegesna geus sare heula.
Ari lafadz niat sholat hajat anu dihijikeun jeung sholat tahajud, nyaeta :
» أُصَلِّى سُنَّةَ الْحَاجَةِ مَعَ التَّهَجُدِ رَكْعَتَيْنِ مُسْتَقْبِلَ الْكَعْبَةِ لِلّٰهِ تَعَالٰى اَللهُ اَكْبَرْ
Saba’da aweh salam baca du’a sholat tahajudna jeung du’a sholat hajatna.
Upama sholat hajat wungkul, niat na :
» أُصَلِّى سُنَّةَ الْحَاجَةِ رَكْعَتَيْنِ مُسْتَقْبِلَ الْكَعْبَةِ لِلّٰهِ تَعَالٰى اَللهُ اَكْبَرْ
Dina roka’at ka hiji ba’da فاتحةmaca surohقل ياايها الكافرون
Dina roka’at kadua ba’da فاتحةmaca suroh  قل هو
Saba’da aweh salam baca sholawat naon wae, sabaraha balik wae, tidinya terus ngadu’a.
Ari du’a sholat hajat, nyaeta :

لَآاِلٰهَ إِلَّااللهُ الْحَلِيْمُ الْكَرِيْمُ ۞ لَآاِلٰهَ إِلَّااللهُ الْعَلِيُّ الْعَظِيْمُ ۞ سُبْحَانَ اللهِ رَبِّ الْعَرْشِ الْعَظِيْمِ ۞ وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ ۞ اَللّٰهُمَّ اِنِّى اَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ ۞ وَعَزَآئِمَ مَغْفِرَتِكَ ۞ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ ۞ وَّالسَّلَامَةَ مِنْ كُلِّ اِثْمٍ ۞ لَاتَدَعْ لِيْ ذَنْبًا إِلَّاغَفَرْتَهُ ۞ وَلَا هَمًّا إِلَّافَرَّجْتَهُ ۞ وَلَا حَاجَةً هِيَ لَكَ رِضًا إِلَّا قَضَيْتَهَا ۞ يَآاَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ ۞
di ambil dari buku pasantren baitul arqom 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar